BUBUKA MANQOBAH
Sugrining puji anu sampurna,
sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka
abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna. Rahmat sareng salam
anu utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad
SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu’jizat, anu diutus jadi rohmat kasadayana
alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana sahabat, sareng kasadayana auliyana
Allah anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat. Amma
ba’du Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna
Sulthonul Auliya Wa Imàmil ‘Ulama Assayyid ‘Abdul Qodir Al-Jailani qsn, kenging
metik tina kitab ‘Uqùdul Lalali Fi Manaqibil Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul
Khòtir Fì Manàqibis Sayyid ‘Abdul Qòdir. Mudah-mudahan aya mangfaatna ka
sadayana dulur-dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu
kagungan ieu manaqib. Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti
Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya
akherat, dihasilkeun pamaksudan diwuwuh kasalametan.
Amin.
MANQOBAH KA 1 NYARIOSKEUN
NASABNA SAYYID ABDUL QODIR
Ari Sayyid Abdul Qodir teh nyaeta
putrana Abi Sholeh Janaki Dasti putra Abdulloh putra Yahya Azzahid putra
Muhammad putra Daud putra Musa Ats-Tsani putra Abdulloh Tsani putra Musa Al-Jun
putra Abdulloh Al-Mahdi putra Hasan Al-Mutsanna putra Sayyidina Hasan cucu
Kangjeng Rosululloh SAW putra Sayyidina Ali bin Abi Tholib k.w. sareng putra
Siti Fathimah binti Rosululloh SAW. Jadi ayeuna tetela pisan yen nasabna Sayyid
Abdul Qodir teh nasab anu kalintang luhurna sareng agungna, sahingga satengah
ulama ngadamel tawasul ku Sayyid Abdul Qodir ku rama-ramana dina ngahasilkeun
rupi-rupi pamaksudan, sepertos ieu: “yà robbanà bilhaikalin nùrònì,
albàzi abdul qòdiril jailànì, usluk binà nahjal hhidàyati wakhminà, ming syarri
kulli ma’ànidin awjàni, bi-abìhhi ‘abdillàhi farrij karbanà, waqdli hawà-ija
‘abdikal walhhàni, wa bijinnika dumta ilàhhì aghninì, waj’alnì fì bahril
mahabati fàni, bilquthbi ‘abdillàhi dàwi ‘illatì, wa biyahyà uhyil qolba
bil’irfàni, bimuhammadiw wa abìhhi dàwuda iksinì, tawàbal bahà walwuddi fil
ajmàni, bi abìhhi ‘abdillàhi ashlih sya-nanà, waliwàlidìnà fahfazh minan
nuqshòni, walthuf binà fì kulli mà qoddartahhu, biljùni mùsà jud bikhoiri
jinàni, walmahdli ‘abdillàhi lil-ihsàni mahdlòriqinì tsummàksitì bima’ànì,
bil-anwàril hasanil mutsannà nawwiròn, ‘aqlì walà tatruknì lil-akwàni, wa
abìhhi awwala quthbim bàhhiri, sibthinnabiyyil mushthofàl ‘adnàni,
hasanij-jakiyyibnil imàmil murtadlò, hàmìl wagho ghoitsin nadàl hattàni,
yassirlanà kulal umùri wa’àfinà, ming kulli hhammin awbalà aw’àni.
———————————–
MANQOBAH KA 2 NYARIOSKEUN
DIPEDALKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR
Ari dipedalkeunana di nagara
Jailan, nyaeta 1 nagara bawahan Thobristan, dina wengian kaping 1 sasih Romdon
taun 471 Hijrah. Ari pupusna di nagara Baghdad kaping 10 Silihmulud taun 561,
jadi yuswana mung 91 taun. Dina wengian dipedalkeunana aya 5 karomah. Karomah
nu ka 1: Ramana Sayyid Abdul Qodir nyaeta Abì Shòlih Mùsà Janakì ngimpen
kasumpingan Kangjeng Nabi diiring ku sahabatna sareng ku imam-imam mujtahidin
sareng kupara aulia. Teras Kangjeng Nabi nimbalan ka ramana Sayyid Abdul Qodir,
dawuhanana: “Heh Abù Shòlih, maneh ku Gusti Allah dipaparin anak lalaki, eta
teh anak kaula jeung kakasih kaula jeung kakasihna Gusti Allah, jeung bakal
meunang pangkat anu luhur dina pangkat kawalian seperti kaluhuran kaula dina
pangkat kanabian. Karomah nu ka 2: Nabi-Nabi oge saba’dana Kangjeng Nabi pada
ngabubungah ka ramana Sayyid Abdul Qodir, yen bakal kagungan putra anu bakal
jadi Sulthònul Auliyà, sareng sadayana wali-wali salian ti imam anu ma’shum eta
di bawah putrana, sareng dampal sampeanana bakal didampalkeun kana pundakna
wali-wali, sareng sadayana wali-wali anu tunduk ka anjeuna bakal naek
pangkatna, anu henteu tunduk ka anjeuna bakal dilepas ku Gusti Allah tina
kawalianana. Karomah nu ka 3: Henteu aya nu dipedalkeun dina wengian
dipedalkeun Sayyid Abdul Qodir di nagara Jailan, anging sadayana pameget, ari
seueurna 1100, sadayana jadi wali, sapaos jadi pangiringna. Karomah nu ka 4:
Sayyid Abdul Qodir tibarang dipedalkeun henteu kersaeun nginang siang dina
sasih romdon, ana nginang sok dina waktos boboran. Karomah nu ka 5: Dina
walikatna Sayyid Abdul Qodir katingali tapak dampal sampean Kangjeng Nabi SAW,
nyaeta tilas munggu anjeuna bade tunggang kana buroq dina wengian mi’roj,
sareng waktos medalna disarengan kucahaya anu pohara, sahingga jalma-jalma
henteu aya anu kuat ningali, ari yuswa ibuna waktos harita yuswana 60 taun, eta
oge hiji perkawis anu luar biasa.
————————————————
MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN
NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR
Saparantos anjeuna ageung, lajeng
ngajugjug ka guru-guru anu laluhur, ka alim-alim anu utami. Didinya anjeuna
ngalap pirang-pirang elmu sareng sifat-sifat kautamian. Sadayana guru anjeuna
pada nyarioskeun kana calakanana. Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali Bin
Aqil sareng ti Abil Khothob Al-Kaludi sareng ti Abil Husain Muhammad Ibnil
Qodli. Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya At-Tabrizi. Ari ngaos elmu
thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas. Ari
anggoan ku anggoan shufiyahna ku Qodli Abi Sa’id Al-Mubarok. Anjeuna henteu
liren-liren nerekel hanjat kana pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan
pitulungna anu Maha Agung, sahingga anjeuna calik dina luhur-luhurna
kapangkatan. Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade
nyepeng sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun tina
karesepna, sahingga anjeuna kenging 25 taun calik dina tegalan Iroq henteu
patepang sareng jalma.
————————————————
MANQOBAH KA 4 NYARIOSKEUN BUDI
PEKERTINA SAYYID ABDUL QODIR
Ari akhlakna Sayyid Abdul Qodir,
tegesna talajakna eta banget sieun ku Allah, sahingga gampil pisan kaluar
cisocana, sareng diijabah du’ana, pohara barahanana, tebih tina kaawonan,
kalintang caketna kana kasaean, barani sareng kukuh dina haq, bengis dina
perkara mungkarot, tara bendu karna hawa nafsuna, tara nulungan anu lain karna
Allah, tara nolak kanu jajaluk, sanajan anu nyuhunkeun anggoanana. Anjeuna
kawaris akhlakna akhlak Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Kasepna kawaris kakasepan
Kangjeng Nabi Yusuf as. Benerna bener Sayyidina Abu Bakar Shiddiq ra. Adilna
adil Sayyidina Umar ra. Hilimna, tegesna kashobaranana shobar Sayyidina Utsman
ra. Kagagahanana sareng kabaranianana Sayyidina Ali kw.
————————————————
MANQOBAH KA 5 NYARIOSKEUN
ANGGOAN SARENG KATUANGAN WAKTOS NYANTRI
Ari panganggona nyaeta jubah nu
didamel tina bulu domba anu kasar. Dina mastakana dibeulitan ku saceuwir lawon.
Ari angkat-angkatan, sanaos nyorang cucuk oge tara nganggo tarumpah atanapi
sapatu. Ari katuanganana cekap ku bubuahan bae sareng dangdaunan sisi wahangan.
Ari wengi seseringna tara kulem. Hiji waktos anjeuna parantos sababaraha dinten
henteu tuang leueut, jol aya hiji jalma ngadeuheusan. Piunjukna eta jalma: “Ieu
jisim abdi seja babakti, nyanggakeun artos. Ari artosna diwadahan dina kanjut
kundang. Hatur lumayan keur ngagaleuh katuangan”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Nuhun”, sareng eta artos ditampi. Teras Sayyid Abdul Qodir ngagaleuh roti keur
katuangan. Barang anjeuna parantos calik bade tuang roti, guprak aya serat anu
ragrag ti awang-awang. Ari unina eta serat kieu: “innamà ju’ilatisy syahhwàtu lidlo’afä-i ‘ibàdì liyasta’ìnù bihhà
‘alàth thò’àti, wa ammàl aqwiyà-u famà lahhum walisy syahhwàti”.
Hartosna: “Pikeun abdi aing anu lembek, memang dipaparin syahwat kana barang
dahar, supaya bisa nulung kana tho’at. Ari pikeun jalma anu gagah mah naon
perluna nurutkeun syahwat?”. Tidinya roti teh dilesotkeun deui, henteu teras
dituang. Teras anjeuna angkat deui kategalan, margi anjeuna uninga yen eta teh
samata-mata pepeling tinu Agung kana salirana.
————————————————
MANQOBAH KA 6 NYARIOSKEUN
SAYYID ABDUL QODIR DISARENGAN KU NABIYULLOH KHIDIR DI IRAK
Waktos Sayyid Abdul Qodir calik
di tegalan Irak, anjeuna disumpingan ku Kangjeng Nabi Khidir as. Sareng teras
Kangjeng Nabi Khidir nyarengan calik di Irak sawatara lami. Saur Nabiyulloh
Khidir: “Upami salira palay disarengan, ulah nyulayaan, margi ari nyulayaan teh
eta sok matak papisah”. Saparantos kitu, teras Kanjeng Nabi Khidir mulih, mung
jangji ka Sayyid Abdul Qodir bade ngalongokan sataun sakali. Ari Sayyid Abdul
Qodir calik dina tempat panuduhan Kangjeng Nabi Khidir. Sataun sakali sok
dilongokan, kenging 3 taun.
————————————————
MANQOBAH KA 7 NYARIOSKEUN
IBADAHNA SAYYID ABDUL QODIR
Dawuhan Syekh Abù ‘Abdillah
Muhammad Al-Hirowi: “Jisim kuring ngarencangan Sayyid Abdul Qodir kenging 40
taun. Dina lebet sakitu, anjeuna sok netepan shubuh ku wudlu isya. Upami
anjeuna parantos netepan isya, teras lebet kapangkeng, teras nyepen dipangkeng
dugi ka shubuh. Malah sok sering pisan bangsa raja-raja anu bade nepangan ka
anjeuna, upami wengi mah tara tiasa nepangan, kapaksa sok ngantos dugi ka
shubuh”. Dawuhan Syekh Muhammad Al-Hirowi: “Hiji wengi jisim kuring nyarengan
ka Sayyid Abdul Qodir henteu mondok sakerejep-kerejep acan. Ari damelna sonten
keneh netepan sunnat. Ari kawenginakeun teras dzikir. Ari parantos ngalangkung
sepertiluna wengi teras ngaos: “almuhìthur robbusy syahhìdul hasìbul fa’àlul
khollàqul khòliqul bàri-ul mushowwir”. Tidinya salirana beuki alit-beuki alit,
dongkap ka alit pisan. Henteu lami, salirana ngageungan deui, sepertos tadi.
Ari parantos ageung, teras ngajungjung, beuki luhur-beuki luhur, dugi ka les
henteu katingali. Ari parantos lami, jol deui sumping, teras ngadeg deui
netepan, sareng kalintang lamina dina sujud. Kitu bae damelna, dugi ka
duapertiluna wengi. Ari parantos ngalangkung duapertiluna wengi, teras ngadep
ka kiblat, ngaos pirang-pirang du’a. Tidinya jol cahaya, nyorot ka anjeuna,
dugi ka anjeuna henteu katingali salirana, kabulen ku eta cahaya, sareng
kakuping henteu liren-liren anu uluk salam ka anjeuna dugi ka bijil fajar”.
————————————————
MANQOBAH KA 8 NYARIOSKEUN NU
DIDAMEL DADASAR PADAMELAN SAYYID ABDUL QODIR
Sayyid Abdul Qodir ditaros: “Naon
anu ku tuan didamel dadasar dina padamelan?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “‘Alash
shidqi wa mà kadzibtu qoth”. Hartosna: “Ari tangtungan kaula jeung dadasar
kalakuan kaula, nyaeta bener pantrang bohong”. Dicarioskeun waktos anjeuna
murangkalih, dina ping 9 Rayagung, anjeuna ngagiringkeun onta, bade diangon di
tegalan. Barang eta onta keur digiringkeun, eta onta ngomong, pokna: “Heh Abdul
Qodir, anjeun mah didamel teh sanes pikeun ngangon onta!”. Anjeuna kaget aya
onta ngomong kitu. Teras eta onta dilesotkeun. Ari anjeuna teras angkat ka
loteng, ka ibuna, teras unjukan. Saurna: “Ibu, tadi onta anu bade diangon ku
abdi teh nyaram ngangon ka abdi, sanggemna: maneh mah Abdul Qodir, didamel ku
Gusti Allah teh lain calon kana ngangon onta. Kumargi eta, manawi ibu rempag
mah, abdi bade masantren ka Baghdad”. Ibuna ngadangu unjukan putrana, kalintang
bingahna. Saurna: “Atuh nuhun ari ujang hayang masantren mah, ibu kacida
ridona. Tah ieu keur bekelna 40 dinar. Engke, di mana-mana aya ontan-ontan anu
rek ka Baghdad, ujang milu, nurut ludeung. Tapi ibu wasiat, kudu bener dina
sagala ucap-ucapan jeung kalakuan”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Nyuhunkeun hibar
ibu bae”. Henteu kantos lami ti waktos harita, Sayyid Abdul Qodir teras ngiring
sareng ontan-ontan anu ka Baghdad. Henteu kacarioskeun lamina, Sayyid Abdul
Qodir parantos ngaliwat nagara Hamdan. Barang dongkap kadinya, burubul aya 60
rampog tarumpak kuda, sarta sadia parabot-parabotna, teras sadayana sodagar
dirampog. Barang meneran ka Sayyid Abdul Qodir, ceuk hiji rampog: “Silaing boga
naon?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Boga 40 dinar, dikaput dina handapeun
kelek kaula!”. Ceuk rampog: “Kitu patut boga 40 dinar, jor bae kaditu mantog!”.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir liwat. Gok deui jeung rampog sejena, teras
nanya deui cara tadi, ku Sayyid Abdul Qodir diterangkeun cara kanu tadi. Eta
rampog henteu percayaeun deui bae. Tidinya kabejakeun ka kapalana rampog, yen
aya nu ngaku boga 40 dinar, tapi henteu dipercaya ku sarerea oge. Ceuk
kapalana: “Coba barawa kadieu, silaing mah kawas anu burung, lain dibuktikeun,
boa teuing enya bogaeun 40 dinar”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir dibarawa ku
rampog teh ka kapalana. Barang sumping ka kapalana rampog, teras ditaros
cacandakanana. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Boga 40 dinar ceuk kaula oge, tah
ieu dikaput handapeun kelek. Lamun anjeun henteu percaya, urang buktikeun!”.
Teras kawayna dibuka. Artosna dibilang anu 40 dinar teh hareupeunana.
Sajongjonan mah kapala rampog teh ngahuleng bae. Tidinya teras naros ka Sayyid
Abdul Qodir: “Naon pangarahan anjeun nu matak ngaku sabenerna? Kapan
deungeun-deungeun mah, sumawona loba-loba kitu, boga sadinar oge tara
ngabejakeun ari acan ditakol mah?”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Kaula mah
henteu boga pangarahan naon-naon, ngan indung kaula miwarang kudu bener. Kaula
moal nyulayaan kana wasiat indung”. Tidinya segruk eta kapala rampog teh
ceurik, bari ngomong kieu: “Eumh, salira mah, dina tempat nu sakieu weritna
henteu wani ngarempak larangan indung. Naha ari kaula, geus sababaraha taun
gawe teh ngan wungkul ngarempak larangan Pangeran bae. Mana teuing Pangeran
benduna ka kaula. Tah, ayeuna saksian ku salira, yen kaula tobat ka Gusti Allah
ditangan sampean”. Tidinya rampog anu 60 teh pada tobat. Barang-barangna anu
kenging ngarampog, teras dipulangkeun kanu gaduhna. Ari saparantos kitu, teras
anjeuna angkat ka Baghdad. Harita yuswana 18 taun.
————————————————
MANQOBAH KA 9 NYARIOSKEUN
NEMBEAN SAYYID ABDUL QODIR MITUTUR KA JALMA-JALMA DINA LUHUR KORSI
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir, dina
memeh dzuhur poe salasa tanggal 6 bulan Syawal taun 521: “Kaula ningali
Rosululloh SAW, teras nimbalan ka kaula. Dawuhanana: “He anak Kaula, naha maneh
henteu geura muruk mitutur ka jalma-jalma?”. Teras kaula unjukan: “Kumaha rek
tiasa muruk mitutur, kapan abdi urang Ajam, ari ulama-ulama Baghdad anu sakitu
parasehatna”. Dawuhan Rosululloh: “Coba bukakeun sungut maneh!”. Tuluy kaula
calangap. Tuluy diludahan 7 kali. Saurna: “Jig, maneh geura muruk mitutur.
Geura ngajak kana jalan Pangeran kalawan hikmah jeung pitutur anu aralus”.
Saparantos kitu, tuluy kaula sholat dzuhur. Henteu kungsi lila, burudul
jalma-jalma daratang kacida seueurna. Kaula ngadegdeg, jeung hate kaula
ngageter, henteu bisa pok nyarita. Tidinya jol sumping Sayidina Ali ngadeg
hareupeun kaula. Dawuhanana: “Naha lain geura pok muruk mitutur teh?”. Unjukan
kaula: “Ieu da hate abdi ngageter wae, gado noroktok.” Dawuhan Sayidina Ali:
“Coba calangap!”. Tuluy kaula calangap. Tuluy diludahan genep kali. Ceuk kaula:
“Kumaha margina henteu tujuh kali?”. Dawuhan Sayidina Ali: “Karana adab ka
Rosululloh”. Tidinya les deui Sayyidina Alì henteu aya. Ari saparantos kitu
mah, tuluy hate kaula caang, henteu aya naon-naon. Tuluy kaula muruk mitutur.
***
————————————————
MANQOBAH KA 10 NYARIOSKEUN
KUMPULNA 100 ULAMA BAGHDAD DI MAJLIS SAYYID ABDUL QODIR SARTA MASING-MASING
PADA BOGA MASALAH
Dicarioskeun ku Syekh Abu
Muhammad Al-Mufarroj: “Waktu kaula milu hadir dina majlis Sayyid Abdul Qodir,
sarumping 100 ulama Baghdad. Sadayana pada kagungan masalah, sarta eta
masalahna henteu sami. Barang eta ulama-ulama parantos caralik dipayuneunana,
teras anjeuna tungkul, tuluy bijil cahaya tina leresan manahna. Eta cahaya
teras ngaliwat kana dadana 100 ulama tea. Saparantos ulama-ulama kaliwatan ku
cahaya, teras ulama-ulama eta sadayana pada bingung, ngadaregdeg, sing jarerit,
teras maruka sirahna. Anggoanana disosoek, teras haranjat kana korsina Sayyid
Abdul Qodir. Teras sampean Sayyid Abdul Qodir diteundeun kana sirah ulama-ulama
ku aranjeuna. Sareng majlis harita kalintang cekcokna, ngaguruh henteu aya
daratanana. Ari saparantos kitu, teras eta ulama-ulama anu 100 teh ku Sayyid
Abdul Qodir ditangkeupan saurang-saurang. Ari parantos sadayana ditangkeupan,
teras masalah saurang-saurangna dicarioskeun ku Sayyid Abdul Qodir sareng
jawabanana. Sadayana ulama pada kaget ku kapinteran Sayyid Abdul Qodir dina
ngajawab masalah sareng karomatna. ***
————————————————
MANQOBAH KA 11 NYARIOSKEUN
NGADAMPALNA KANGJENG NABI KANA PUNDAKNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun ku Syekh Rosyid Bin
Muhammad Al-Junaidi: “Dina wengian mi’roj Kangjeng Nabi, sumping malaikat
Jibril nyandak buroq. Ari talapokna eta buroq ngagebur cara bulan. Ari
paku-pakuna cara bentang. Barang disanggakeun ka Kangjeng Nabi, eta buroq henteu
daekeun cicing. Timbalan Kangjeng Nabi: “Kunaon buroq, numatak maneh henteu
daek cicing, naha maneh teh embung ditumpakan ku kaula?”. Tuluy eta buroq
unjukan. Pokna: “Nyawa abdi jadi tetebus taneuh gamparan Gusti. Abdi sanes
henteu purun ditunggangan ku Gusti, mung abdi aya panuhun ka Gusti, nyaeta dina
dinten kiamah, nalika Gusti bade lebet ka surga, ulah nunggangan nu sanes”.
Dawuhan Rosululloh: “Heug, dikobul pamenta maneh”. Unjukan deui eta buroq:
“Mugi Gusti kersa nyepengkeun panangan Gusti kana punduk abdi, supaos jadi
tawis dina dinten kiamah”. Teras panangan Kangjeng Nabi dicepengkeun kana
pundukna buroq. Kumargi eta buroq kalintang bingahna, dugi ka jasadna eta buroq
henteu cekap pikeun wadah ruhna. Kapaksa eta buroq harita keneh ngajangkungan dugi
ka 40 hasta. Tidinya Kangjeng Rosululloh ngadeg sakedap, wireh ningali buroq
sakitu jangkungna, tawaquf kana titihan anu saneh. Tidinya teras sumping ruhna
Ghoutsul A’zhom Sayyid Abdul Qodir Al-Jailani, teras unjukan: “Gusti, mangga
ieu punduk abdi titih ku Gusti”. Teras Kangjeng Nabi nitih kana punduk Ghoutsul
A’zhom. Teras Ghoutsul A’zhom ngadeg. Teras Kangjeng Nabi tunggang kana buroq,
sareng ngadawuh Kangjeng Nabi: “Ieu dampal suku kaula nincak kana punduk maneh.
Ari dampal suku maneh eta nincak kana pundukna sakabeh waliyulloh”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 12 NYARIOSKEUN
NYAKSIANANA GURU-GURU SARENG WALI-WALI KALUHURAN MARTABATNA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun dina kitab Roudlotun
Nazhir Fi Manaqibisy Syekh Abdul Qodir, dina bab ka 6, ti zaman Abi Ali
Al-Hasan Al-Bashri dongkap kalahirna Sayyid Abdul Qodir, henteu aya hiji alim
anu muruk agama islam anging pada nyarioskeun kabingahan bakal zhohirna Sayyid
Abdul Qodir. Sareng eta ulama-ulama pada ngaku kana kawaliyanana Sayyid Abdul
Qodir. Sareng ulama-ulama pada nyarioskeun Sayyid Abdul Qodir bakal
ngembarkeun, yen dampal sampeanana bakal nincak kana pundukna wali. Sareng
wali-wali narima kana eta embaran, kajaba hiji wali di nagara Ashfahan henteu
narima kana eta embaran. Kumargi henteu narima kana eta embaran, eta wali anu
sakitu luhungna dilepas tina kawaliyanana. Jadi Sayyid Abdul Qodir teh ampir
300 taun deui kalahirna, parantos masyhur kawaliyanana. ***
————————————————
MANQOBAH KA 13 NYARIOSKEUN
RUKSAKNA JALMA-JALMA ANU NYEBUT JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR HENTEU GADUH WUDLU
Dicarioskeun dina kitab Kalzaril
Ma’ani, dina nembean Sayyid Abdul Qodir kenging pangkat kawalian, anjeuna
kabuleun ku sifat Jalaliyah, tegesna sifat kagagahan. Tina margi kitu,
jenenganana oge kalintang ahengna, sahingga upami jenenganana disebut henteu
kalawan adab, nyaeta henteu gaduh wudlu, mangka pegat beuheungna jalma nu
nyebut henteu gaduh wudlu tea. Saparantos kitu Sayyid Abdul Qodir tepang sareng
Kangjeng Nabi SAW. Dawuhan Kangjeng Nabi: “Hey Abdul Qodir, eta pagawean maneh
ulah dipigawe, karunya ka jalma-jalma di akhir zaman, sabab jaga mah
pirang-pirang jalma anu nyebut jenengan Allah jeung ngaran kami oge henteu kalawan
adab”. Teras eta padamelan ditilar, margi ulama-ulama Baghdad pada ngadareuheus
ka Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta padamelan ditilar, margi hawatos ka
jalma-jalma. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Ieu teh lain kahayang kaula. Kaula
meunang timbalan ti Gusti Allah: “Maneh geus ngagungkeun kana jenengan Aing,
jadi ngaran maneh oge diagungkeun ku Aing. Dawuhan satengah ulama: “Numawi
jenenganana kalintang sangetna, anjeuna sok ngamudawamahkeun ngaos Saefi Hirzil
Yamani karangan Sayyidina Ali kw ‘anhu. ***
————————————————
MANQOBAH KA 14 NYARIOSKEUN
JALMA NU HADIAH KA SAYYID ABDUL QODIR DIHASILKEUN MAKSUDNA
Dicarioskeun ku guru-guru anu
laluhung, saha-saha jalma anu nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir henteu boga
wudlu, mangka eta jalma ku Gusti Allah dirupekkeun rizkina. Sareng saha-saha
jalma anu nadzar hadiyah ka Sayyid Abdul Qodir, eta kudu dilakonan, supaya ulah
kasebut jalma bedegong, matak kawalat. Sareng saha-saha jalma anu
ngahadiyahkeun amis-amis dina malem jum’ah, teras maca fatihah dihadiyahkeun ka
Sayyid Abdul Qodir, terus eta kadaharanana dibagikeun ka fakir miskin, sarta
eta jalma nyuhunkeun syafa’at sareng karomatna Sayyid Abdul Qodir dina
ngahasilkeun maksudna, tangtu eta jalma meunang pirang-pirang pertulungan ti
Gusti Allah kalawan karomahna Sayyid Abdul Qodir. Sareng saha-saha jalma nu
maca fatihah rek dahar, tuluy dihadiahkeun ka Sayyid Abdul Qodir, tangtu eta
jalma dibukakeun, dikaluarkeun tina kahesean dunya akherat. Jeung saha-saha nu
nyebut jenengan Sayyid Abdul Qodir bari boga wudlu tur ikhlas anu sampurna,
ngaagungkeun ka anjeuna, mangka eta jalma ku Gusti Allah dibungahkeun dina eta
poe sarta dilebur dosana. ***
————————————————
MANQOBAH KA 15 NYARIOSKEUN
JENENGAN SAYYID ABDUL QODIR CARA ISMUL A’ZHOM
Dicarioskeun dina kitab Haqoiqul
Haqoiq, aya hiji awewe ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, teras unjukan pokna:
“Gusti, abdi teh gaduh anak mung hiji-hijina, ayeuna ti teuleum di laut. Dupi
abdi gaduh kayakinan, yen Gusti tiasa ngabalikkeun anak abdi sarta hirup.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Enya, jig bae balik. Anak maneh geus aya di imah”.
Tidinya teras eta awewe gura-giru balik. Barang dongkap ka imahna, anakna
henteu aya. Tidinya berengbeng deui awewe teh ka Sayyid Abdul Qodir bari
ruwuh-riwih ceurik, unjukan yen anakna henteu aya. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Ayeuna mah tangtu geus aya”. Deregdeg deui eta awewe balik. Ari dongkap ka
imahna, anakna teu acan aya keneh. Gowak deui ceurik. Teras ngadeuheus deui ka
Sayyid Abdul Qodir, bari ceurik mamandapan, nyuhunkeun anakna hayang hirup
deui, hayang aya deui. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nungkulkeun sirahna.
Barang cengkat, ngadawuh. Saurna: “Ayeuna mah moal salah deui, anak maneh geus
aya”. Tidinya teras eta awewe balik. Barang dongkap, anakna geus aya di imahna
sarta salamet. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir munajat. Piunjukna: “Jisim abdi
kalintang isinna ku eta awewe, dugi ka tilu kali nembe aya anakna. Kumaha
margina, sareng naon hikmahna numawi dielatkeun, dugi ka abdi kawirangan dua
kali?”. Dawuhan Gusti Allah: “Omongan maneh ka eta awewe kabeh oge bener.
Barang mimiti disebutkeun aya teh bener, tapi kakara dikumpulkeun ku malaikat
jiwa ragana nu geus pabencar. Ka dua kali oge bener, tapi kakara jejeg
anggahotana sarta dihirupan. Ka tilu kalina eta awewe datang ka imahna, geus
dihanjatkeun ti laut, didatangkeun ka imahna”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir
unjukan deui: “Gusti mah ngadamel makhluk anu sakieu poharana henteu kalawan
kasusahan. Nya kitu deui dina ba’atsna ngumpulkeun sakabeh jiwa raga makhluk nu
sakitu seueurna mung sakedet netra. Ari ieu mah hiji budak, naon hikmahna Gusti
numawi sakitu lamina?”. Dawuhan Gusti Allah: “Abdul Qodir, maneh entong jadi
raheut hate. Ayeuna pek geura menta, maneh hayang naon, tangtu dipaparin ku
aing?”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir sujud sarta unjukan. Saurna: “Gusti
kholik anu ngadamel, ari abdi makhluk anu didamel. Naon-naon oge paparin Gusti,
abdi kalintang nuhunna”. Dawuhan Gusti Allah: “Saha anu nenjo kamaneh dina poe
juma’ah, ku aing didamel wali. Jeung lamun maneh nenjo kana taneuh, tangtu jadi
emas”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Gusti, ieu duanana oge henteu pati aya
mangfaatna ka abdi. Abdi nyuhunkeun anu agung ti eta, sareng tetep mangfaatna
saparantos maot abdi”. Dawuhan Gusti Allah: “Ngaran maneh dijieun seperti ngaran
kami dina ganjaranana jeung manjurna. Saha-saha anu maca kana ngaran maneh,
ganjaranana sarua jeung maca jenengan kami”. ————————-
————————————————
MANQOBAH KA 16 NYARIOSKEUN
NGAHIRUPKEUN HIJI JALMA TI JERO KUBUR
Dicarioskeun dina kitab Asroruth
Tholibin, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalangkung kana hiji tempat. Anjeuna
mendak jalma islam keur paadu paloba-loba omong jeung bangsa nashroni. Teras ku
Sayyid Abdul Qodir dipariksa sabab-sababna papaduan. Ceuk bangsa islam: “Eta
Gusti, paalus-alus nabi. Sanggem abdi, utami Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ari
sanggem ieu nashroni, utami Nabi Isa”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir ka nashroni:
“Eta maneh nyebutkeun utami Nabi Isa, naon dalilna?”. Ceuk nashroni: “Eta, Nabi
Isa mah sok tiasa ngahirupkeun jalma nu geus maot”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Maneh nyaho kaula lain nabi, ngan saukur anu anut jeung nyekel agama Nabi
Muhammad?”. Ceuk nashroni: “Kantenan bae terang mah”. Dawuhan Sayyid Abdul
Qodir: “Lamun kaula bisa ngahirupkeun anu geus maot, maneh rek iman ka Nabi
Muhammad?”. Jawabna: “Kantenan bade iman”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Coba
urang neangan kuburan anu geus heubeul”. Nya manggih kuburan anu kira-kira geus
500 taun lamina. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Nabi Isa ari ngahirupkeun anu
geus maot, kumaha pokna?”. Ceuk nashroni: “Qum bi idznillàh”. Hartosna: “Hudang
maneh kalawan idzin Allah” . “Geura kami mah dengekeun kieu: Qum bi idznì”.
Hartosna: “Nangtung maneh kalawan idzin kami!”. Tidinya tuluy eta kuburan
beulah. Tuluy eta mayit teh bijil ti kuburna bari nembang. Tadina eta jalma
tukang tembang, Teras eta nashroni asup islam.———-
————————————————
MANQOBAH KA 17 NYARIOSKEUN
SAYYID ABDUL QODIR NGAREBUT NYAWA KHODAMNA TI MALAKAL MAUT
Dicarioskeun ku Abbil Abbas Ahmad
Rifa’i: “Salah sawios khodamna Sayyid Abdul Qodir maot. Teras pamajikanana
ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, keukeuh nyuhunkeun salakina hayang hirup
deui. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir muroqobah, mangka ningali anjeuna dina
alam bathin, malakal maot keur hanjat ka langit nyandak roh nu dicabut dina poe
eta, diwadahan dina wadah ma’nawi sarupi zambil. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir:
“Heh Malakal Maut, eureun heula, jeung kadieukeun roh bujang kaula si anu
ngarana !”. Saur Malakal Maut: “Moal tiasa masihkeun, margi kaula nyabutan
arwah teh lain sakarep-karep kaula, tapi kalawan parentahan Pangeran, sarta
kudu disetorkeun ka anjeuna”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Enya, kaula oge
terang. Tapi eta mah roh bujang kaula, kadieukeun bae”. Saur Malakal Maut:
“Moal tiasa !”. Keukeuh anu nyuhunkeun sareng keukeuh anu henteu maparinkeun.
Tungtungna dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Kalawan kamahabbahan kaula ka Gusti
Allah, kadieukeun eta roh bujang kaula !”. Bari teras eta wadah arwah teh
direbut ku Sayyid Abdul Qodir. Teras diucutkeun. Atuh budal sadayana roh anu
kenging nyabutan ti isuk teh laleupasan, baralik deui kana jasadna. Tidinya
teras Malakal Maut teh unjukan ka Gusti Allah Anu Maha Suci. Piunjukna: “Beu
Gusti, Gusti langkung uninga kana kaayaan kakasih Gusti, wali Gusti Abdul
Qodir”. Dawuhan Gusti Allah: “Enya eta Abdul Qodir teh kakasih aing. Bongan roh
bujangna kumaneh henteu dibikeun, jadi bae roh anu sakitu lobana mawur. Ayeuna
maneh hanjakal henteu dibikeun”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 18 NGAJADIKEUNANA
SAYYID ABDUL QODIR BUDAK AWEWE JADI LALAKI
Dicarioskeun ku Syekh Hawad
Al-Qodiri: “Aya hiji lalaki ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, unjukan hayang
gaduh anak lalaki. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Maneh menta barang anu gholib,
heug moal henteu boga”. Tidinya eta jalma saban dinten henteu petot-petot hadir
di majlis Sayyid Abdul Qodir. Barang parantos lami, eta jalma kalawan kapastian
tinu Maha Kawasa gaduh anak, tapi anak awewe. Teras eta anakna dicandak ka SAQ.
Piunjukna: “Gusti, kapungkur abdi nyuhunkeun anak lalaki. Dupi ieu gening awewe?”.
Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Eta orok buntel. Jig balik. Tangtu engke jadi
lalaki !”. Teras eta orok dibuntel dibawa balik. Barang dibuka di imahna, eta
budak jadi budak lalaki kalawan idzin Allah Ta’ala. ***
————————————————
MANQOBAH KA 19 NYARIOSKEUN
SALAMETNA 1 JALMA PASEK KU JAWABANANA ABDUL QODIR KA MALAIKAT MUNGKAR WA NAKIR
Kacarioskeun di jaman Sayyid
Abdul Qodir, aya hiji jalma pasek. Tapi eta jalma kacida mahabbahna ka Sayyid
Abdul Qodir. Saeunggeus eta jalma maot, di jero kubur disual ku Malaikat
Mungkar wa Nakir. Henteu aya deui jawabna eta jalma ngan Abdul Qodir. Tidinya
sumping timbalan ti Gusti Allah: “He Mungkar wa Nakir, eta jalma bener pasek,
siksaeun. Tapi kulantaran manehanana mahabbah ka kakasih aing, ayeuna dihampura
ku aing”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 20 NYARIOSKEUN
MANUK NGALUHURAN KA ANJEUNA TERUS PAEH
Hiji waktos SAQ nuju abdas, aya 1
manuk hiber kaluhureun anjeuna.Barang eta manuk ditingali,guprak eta manuk teh
ragrag, paeh.Tidinya teras anjeuna nyeuseuh kawayna,teras eta kawayna
disidkohkeun,saurna: “Bisi kaula dosa,tah ieu baju kifarat dosa”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 21 NYARIOSKEUN
NGAHIRUPKEUN DEUI ALAP-ALAP
Dicarioskeun hiji waktos anjeuna
nuju ngawuruk di madrosahna, ari angin nuju ngagalebug. Kalayang aya alap-alap
bari hantem disada kokoreakan, dugi ka anjeuna kapaksa liren, margi baribin ku
sora alap-alap. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “He angin, cokot hulu alap-alap nu
ngagandengan teh!”. Tidinya bet eta alap-alap teh pegat beuheungna, huluna
papisah jeung awakna. Guprak ragrag kapayuneun Sayyid Abdul Qodir. Tidinya
teras Sayyid Abdul Qodir turun tina korsina, nyandak alap-alap tea. Teras eta
alap-alap diusap kupananganana, bari ngaos: “bismillàhir rohmànir rohìm”.
Geleber eta alap-alap teh hiber. Sadayana santri-santri pada naringali. ***
————————————————
MANQOBAH KA 22 NYARIOSKEUN
NGAMERDEKAKEUN ABID SARENG ANGGOANANA
Dicarioskeun dina sapalihna
kitab, Sayyid Abdul Qodir dina saban-saban lebaran sok ngagaleuh pirang-pirang
abid. Kenging ngagaleuh teh teras dimerdekakeun, sareng sadayana sina wushul ka
Allah. Ari anggoanana kalintang saraena. Ana nganggo sok anu pangaosna 10 jene
saelona. Ari dasterna pangaos 70 rebu jene. Gamparanana ditaretes ku inten,
jamrud sareng berlian. Pakuna perak. Nanging anggoanana anu sakitu seueurna
teh, upami aya anu nyuhunkeun, sok dipasihkeun. ***
————————————————
MANQOBAH KA 23 NYARIOSKEUN
TURUN KADAHARAN TI LANGIT
Dicarioskeun waktos Sayyid Abdul
Qodir tapa 40 dinten, anjeuna moal ngadahar sareng moal ngaleueut kadaharan
dunya, kajabi upami turun kadaharan ti langit, sareng kajabi cai dina waktos
boboran. Barang 2 dinten deui ka 40 dinten, bray lalangit bumina molongo. Jol
hiji pameget nyandak wadah kenca katuhu, sareng pinuh ku rupa-rupa buah anu
araneh. Teras diteundeun, disanggakeun ka Sayyid Abdul Qodir. Dawuhanana Sayyid
Abdul Qodir: “Ti mana ieu teh?”. Saur anu nyandak: “Ti alam malakut, tuangeun
salira”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Jauhkeun ti kaula, sabab wadah emas-perak
diharamkeun ku Rosululloh!”. Teras wadah emas sareng perak duanana dicandak
deui. Barang parantos boboran, sumping malaikat nyandak baki pinuh ku
kadaharan. Saurna eta malaikat: “Heh Sayyid Abdul Qodir, ieu pangjamu ti Gusti
Allah!”. Teras eta baki ditampi, sareng teras dituang sareng rencang-rencangna.
***
————————————————
MANQOBAH KA 24 NYARIOSKEUN
CALAGEURNA JALMA2 KU NGADAHAR JUJUKUTAN SARENG NGALEUEUT CAI MADROSAHNA SAYYID
ABDUL QODIR
Dicarioskeun ku ulama-ulama, di
jaman Sayyid Abdul Qodir aya tho’un, nepi ka aya ratus rebuna jalma-jalma anu
maraot dina sapoe-sapoena teh, teras arunjukan ka Sayyid Abdul Qodir,
dawuhanana: “Saha-saha jalma anu ngahakan jujukutan madrosah kaula, dicageurkeun
ku Allah tina tho’un”. Tina margi seueurna jalmi, jadi henteu cekap jujukutan
pikeun ubar anu ku tho’un. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Saha-saha anu nginum
cai madrosah kaula, dicageurkeun ku Gusti Allah”. Teras eta jalma-jalma
ngaleueut tina cai madrosahna, sareng sadayana daramang, sareng leungit eta
tho’un. ***
MANQOBAH KA 25 NYARIOSKEUN
NGAHIRUPKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR KANA HAYAM
Dicarioskeun, aya hiji istri
ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir masrahkeun putrana sina masantren. Teras ku
Sayyid Abdul Qodir ditampi sareng dipernahkeun dina tempat kholwat, tempat anu
sepi. Parantos rada lami, eta awewe teh ngalongok, kasampak anakna keur
ngadahar bubur kunyit, awakna kuru, teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir.
Kasondong nuju tuang sareng opor hayam. Teras eta istri unjukan: “Gusti, ari
Gusti mah tuang sakitu sayagina, dupi anak abdi dugi kakuru, margi nedana mung
saukur bubur kunyit. Teras Sayyid Abdul Qodir ngumpulkeun tulang hayam, dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Qum bi idznillàh, hirup maneh kalawan idzin Allah”. Teras
eta tulang jadi hayam hirup deui. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Tah, lamun anak
maneh geus bisa kieu, meunang dahar sakarep-karep, asal anu halal”. Saur eta
istri: “Mugi Gusti henteu bendu. Eta anak abdi nyanggakeun kumaha kersa Gusti”.
***
————————————————
MANQOBAH KA 26 NYARIOSKEUN
ANJING ANU TUNGGU ISTALNA GEUS MAEHAN MAUNG
Dicarioskeun, Syekh Ahmad Zandah,
ana sumping ka aulia-aulia sok tunggang maung, sareng sok disaruguhan 1 sapi
parab meongna. Barang sumping ka Sayyid Abdul Qodir, teras miwarang marabkeun
sapi paranti nimba. Barang eta sapi rek dirontok ku maung, di dinya aya anjing
dina lawang istal, gabrug maung teh dirontok ku anjing dipaehan. Tidinya teras
Syekh Ahmad Zandah ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir sareng nyium kana
pananganana. ***
————————————————
MANQOBAH KA 27 NYARIOSKEUN
NGAGALEUH 40 KUDA ANU SARAE NYAWISAN NU TEU DAMANG
Dicarioskeun aya hiji jalma ti
nagara anu anggang ka Baghdad, sarehna eta jalma teh ngadangu kana
kamasyhuranana Sayyid Abdul Qodir, teras anjeuna ngadeuheus sumping ka Baghdad.
Barang sumping ka Baghdad, ningali istal kagungan Sayyid Abdul Qodir anu
kalintang saena. Tatabanana emas sareng perak, sebrak sareng selana sutra anu
kalintang saraena, kudana aya 40 anu moal aya bangsana saena. Tidinya eta jalma
teh ngomong dina hatena: “Cenah ieu teh Waliyulloh, tapi buktina tukang Hubud
Dunya, piraku aya wali resep-resep teuing kana dunya, anu kieu petana mah
henteu pantes disebut Wali”. Tidinya eta jalma teh goreng sangkana. Teras manehna
nyemah di hiji jalma, henteu kersa ngadeuheus ka Sayid Abdul Qodir. Saparantos
kitu, brek eta jalma teh gering anu kalintang repotna, sahingga dokter-dokter
oge henteu aya nu sanggemeun ngubaran. Tidinya aya sahiji ulama hikmah, saurna:
“Ieu panyakit moal cageur lamun henteu di ubaran ku hate kuda 40, sarta kudana
anu kieu sipatanana”. Ceuk jalma-jalma: “Moal aya anu kagunganeun kuda anu
sarupa kitu mah, sarta sakitu seueurna jabi ti Sayyid Abdul Qodir, tapi
coba-coba bae urang suhunkeun, da anjeunana mah kalintang barahanana teh”.
Tidinya teras eta kuda teh disaruhunkeun. Unggal-unggal poe dipareuncitan,
diarah hatena, dugi ka seep sadayana. Saparantos eta kuda seep, anu teu damang
teh teras damang, sareng teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir bade
nganuhunkeun. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Lamun maneh henteu terang, eta kuda
teh, pangna dibeuli ku kami, keur nyawisan maneh, sabab kami nyaho, yen maneh
datang kadieu samata-mata resep ka kami, jeung bakal meunang panyakit, moal aya
piubareunana jaba ti 40 hate kuda nu kitu sipatna, tapi maneh henteu nyaho,
buktina nyemah oge dinu sejen. Tidinya teras eta jalma teh tobat, sareng
dilereskeun patekadanana. ***
————————————————
MANQOBAH KA 28 NYARIOSKEUN
SAKABEH JIN IPRIT AYA DINA BAWAHAN KAKAWASAANANA
Dicarioskeun, Kangjeng Nabi
Sulaeman dina hiji waktos kagungan manah melang ka jalma-jalma di akhir zaman,
margi bangsa jin kalintang barengalna, sarta carulangungna. Saurna: “Kumaha
engke saenggeus henteu aya aing eta bangsa jin jeung syetan? Mana teuing moal
ngahargaanana ka bangsa manusa. Cacak ayeuna oge keur aya keneh aing sakitu
barengalna”. Tidinya aya sora tinu ghoib: “Anjeun entong melang, sabab engke
aya panutup Nabi, nyaeta Nabi Muhammad SAW. Salah sahiji putrana aya anu
jenengan Abdul Qodir. Tah eta anu bakal dipaparin kakawasaan ngabawah bangsa
Jin sareng syetan. Moal aya hiji jin atawa syetan anu henteu turut ka anjeuna”.
***
————————————————
MANQOBAH KA 29 NYARIOSKEUN
NGAHAMPURA RAJA JIN KA JALMA ANU MAEHAN PUTRANA
Dicarioskeun ku ulama Baghdad, di
Baghdad aya hiji alim. Saba’da jum’ah anjeuna angkat ziarah ka kuburan diiring
ku santri-santrina. Barang di jalan, mendak oray hideung, teras diteunggeul ku
tungkedna dongkap kapaeh. Saparantos maehan oray, reup poek ku mega. Les alim
teh teu aya. Santri-santrina kalintang karageteunana, teras pada milari, tapi
weleh henteu kapendak. Kinten-kinten sajam ti waktos henteu aya, eta alim teh
sumping deui, sarta ginding luar biasa. Teras ku santri-santri dibarujeng
sareng ditaros. Saur ulama: “Tadi teh basa poek, kaula dibarawa ku
pirang-pirang jin ka hiji pulo. Tuluy dibarawa ka jero laut, ka nagara jin.
Tuluy kaula dideuheuskeun ka rajana. Kasampak rajana keur ngadeg dina kartil
karajaan. Dipayuneun raja aya mayit dijolopongkeun dina luhur dipan anu kacida
alusna. Sirahna beulah. Getihna ngucur keneh kana awakna. Tidinya tuluy mariksa
ka jin anu mawa kaula. Saurna: “Saha ieu teh?”. Saur balad2na: “Ieu teh jalma
anu maehan putra Gusti tea!”. Tidinya tuluy eta raja ningali kakaula. Ningalna
bangun pohara benduna. Saurna: “Naha maneh make maehan anak kaula henteu
kalawan dosa? Piraku maneh henteu nyaho dosana maehan? Kapan maneh kasebut
ajengan?”. Dijawab ku kaula: “Perkawis maehan tuang putra, jisim abdi henteu
pisan-pisan. Sumawonten maehan, pependak oge henteu!”. Saur raja: “Maneh moal
bisa mungkir, sabab tah saksi sakitu lobana”. Dijawab deui ku kaula: “Sadayana
oge bohong, fitnah wungkul”. Sanggem saksi-saksi: “Cobi ku Gusti parios getih
anu aya dina iteukna”. Saur raja: “Ari eta dina iteuk maneh getih naon?”. Jawab
kaula: “Ieu mah getih tina maehan oray”. Saur raja: “Maneh jalma
pangbodo-bodona. Mun teu nyaho, tah oray teh anak kaula”. Tidinya kaula bingung
henteu bisa ngajawab deui. Bumi alam asa rapet tina bawaning ku susah. Tuluy
raja ngalieuk kapanghulu. Saurna: “Ieu jalma geus ngaku maehan anak kaula,
geura bere putusan hukum pati!”. Tidinya tuluy panghulu mere putusan, yen kaula
kudu dipaehan. Tuluy kaula dipasrahkeun ka logojo. Barang kaula rek disabet ku
logojo, kaula ngajerit dina hate, nyuhunkeun tulung ka Sayyid Abdul Qodir.
Barang kaula ngajerit, jol aya hiji lalaki anu mancur cahayana. Ceuk eta
lalaki: “Ieu jalma ulah dipaehan, sabab muridna Sayyid Abdul Qodir. Lamun ku
anjeun dipaehan, kumaha pijawabeun anjeun ka Sayyid Abdul Qodir upami anjeuna
bendu?”. Saur raja: “Ajengan, kulantaran kaula ngagungkeun ka Sayyid Abdul
Qodir, dosa anjeun anu sakitu gedena dihampura kukaula, ngan memeh mulang,
pangimamkeun heula nyalatan anak kaula jeung pangmacakeun istighfar”. Tuluy
kaula dibere papakean. Sanggeus beres nyalatan, tuluy kaula dianteurkeun deui
kadieu. ***
————————————————
MANQOBAH KA 30 NYARIOSKEUN
TAMBANA JALMA ANU DIHEUREUYAN JIN
Dicarioskeun ku Syekh Jalalul
Bukhori: Saha-saha jalma anu diheureuyan jin,baca tompokeun kana ceulina: “yà
hadlrotasy syekh quthbul ‘àlami muhyil haqqi waddìnis sayyid ‘abdul qòdiril
kailànì”, Insya Allah cageur. Jeung saha-saha jalma anu sieun kurampog atawa
kumusuh,tuluy nyokot taneuh hideung,baca jenengan SAQ dina eta taneuh,tuluy
awurkeun kajihat anu dipikasieun tea,Insya Allah diraksa ku Gusti Allah. Jeung
saha-saha anu meunang kasusahan atawa kahesean,tuluy tawasul ku SAQ tangtu ku
Gusti Allah kasusahanana diganti kukabungahan, kaheseanana diganti ku
kagampangan. ***
————————————————
MANQOBAH KA 31 NYARIOSKEUN
SAYYID ABDUL QODIR NYIUM PANANGAN KANGJENG NABI WAKTOS ZIARAH
Hiji waktos anjeuna angkat ziarah
ka eyangna ka Madinah. Barang sumping ka Hujroh Syarifah, Pakuleman Anu Mulya,
anjeuna ngadeg di payuneunana kenging 40 dinten. Panangan duanana di kana
dadakeun, bari munajat ku ieu 2 bet: “Dzunùbì kamaujil bahri bal hhiya aktsaru,
kamitslil jibàlits tsummi bal hhiya akbaru. Walàkinnahà ‘ingdal karìmi idzà
‘afà, janàhum minal bu’ùdli bal hhiya ashghoru”. Hartosna: “Ari dosa sim abdi
ibarat budah laut, ibarat gunung luhur, malihan langkung ageung. Nanging upami
Gusti nu loman ngahampura, ibarat jangjang rametuk, malih kirang”. Teras
anjeuna munajat deui ku ieu 2 bet: “Fì hàlatil bu’di rùhì kungtu ursiluhà,
tuqobbilul ardlo ‘annì wahya nà-ibanì. Wa hhàdzihhì naubatul asybàhi qod
hadlorot, famdud yamìnaka kay tuhzhò bihhà syafatì”. Hartosna: “Waktos tebih ti
Gusti, ruh sim amdi dijurung, ngadeuheusan ka dampal Gusti wawakil abdi. Dupi
ayeuna abdi pribadi dumeuheus, mugi panangan Gusti kaluarkeun ka abdi”. Barang
parantos kitu, jol panangan anu mulya kaluar tina Hujroh Syarifah. Teras ku
Sayyid Abdul Qodir dicepeng, sareng diambung, sareng disimpen dina luhur
mastakana. ***
————————————————
MANQOBAH KA 32 NYARIOSKEUN
BOBORANANA DI 70 BUMI MURIDNA DINA HIJI WAKTOS
Dicarioskeun, dina hiji waktos
sasih siyam, Sayyid Abdul Qodir diundang boboran ku 70 murid. Masing-masing
palay disumpingan kabumina, sareng itu-ieu henteu tarerangeun pada ngundang ka
Sayyid Abdul Qodir. Barang dongkap kana waktos boboran, eta nu 70 bumi,
kasumpingan, kasubadanan ku Sayyid Abdul Qodir, sareng anjeuna aya boboran di
bumina. Hal kajadian ieu kalintang pisan masyhurna di Baghdad. ***
————————————————
MANQOBAH KA 33 NYARIOSKEUN
NYALAMETKEUN HIJI ISTRI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR TINA KHIANATNA HIJI LALAKI
PASEK
Di Baghdad aya hiji istri
kalintang geulisna. Eta istri memeh lebet kana golongan muridna Sayyid Abdul
Qodir, dipikahayang ku hiji lalaki pasek, sareng kahayangna ku eta istri henteu
dilayanan, tapi eta lalaki teh henteu eureun neangan jalan supaya laksana
maksudna. Barang dina hiji dinten, eta istri aya kaperyogian angkat ka hiji
guha nyalira. Henteu gaduh sangka eta lalaki nuturkeun pungkureunana. Barang
parantos dongkap kana guha, terus eta lalaki rek khianat, rek ngarumpak kahormatan
istri tea. Tidinya eta istri ngagero ka Sayyid Abdul Qodir. Waktos harita
Sayyid Abdul Qodir nuju abdas di madrosahna, teras gamparan anjeuna duanana
dibaledogkeun ka jihat guha. Barang si lalaki pasek bade maksa ka eta istri,
gedag-gedag gamparan anu dua teh narenggeulan ka lalaki tea tepi kapaeh harita
keneh. Saparantos kitu, eta dua gamparan dicandak ku eta istri, disanggakeun ka
Sayyid Abdul Qodir, sareng nyarioskeun lalakon di payuneun jalma seueur. ***
————————————————
MANQOBAH KA 34 NYARIOSKEUN
NULUNGAN HIJI WALI ANU DILEPAS TINA KAWALIANANA
Dicarioskeun di zaman Sayyid
Abdul Qodir aya hiji wali anu dilepas tina kawaliyanana. Teras eta wali
nyuhunkeun pertulungan wali-wali anu sanes supaos tiasa diangkat deui kana
pangkat wali. Saur wali: “Kaula geus nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya salira
diangkat deui jadi wali, tapi paneda kaula henteu aya anu ditarima. Ayeuna
henteu aya deui pamuntangan sadayana oge ngan Sayyid Abdul Qodir”. Teras eta
wali angkat ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir, sareng nyuhunkeun syafa’at.
Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun syafa’at ka Gusti Allah pikeun eta
wali. Tidinya teras sumping dawuhan tinu Ghoib. Dawuhanana: “Geus loba pisan
wali-wali anu nyuhunkeun syafa’at pikeun eta wali, tapi henteu aya saurang-urang
acan anu diijabah. Ayeuna maneh oge entong menta syafa’at pikeun eta wali anu
dilepas teh”. Barang Sayyid Abdul Qodir ngadangu eta dawuhan, teras anjeuna
nyandak sajadahna bade angkat ka tegalan. Barang jut turun nembe salengkah, aya
anu nyaur tinu ghoib. Saurna: “Heh Ghoutsul A’zhom, heh Abdul Qodir, eta jalma
teh jeung 1000 nu bangsa kitu geus dihampura ku Aing”. Barang ngalengkah deui
kaduana, aya deui anu nyaur. Saurna: “Eta jalma jeung 2000 bangsa kitu geus
dihampura ku aing”. Barang Sayyid Abdul Qodir ngalengkah katiluna, aya deui anu
nyaur. Saurna: “Heh Abdul Qodi, eta jalma jeung 3000 bangsana, ku aing geus
dihampura karna arah-arah maneh”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nganuhunkeun
ka Gusti kana nugrahana, sareng eta wali nu dilepas tea, kenging deui pangkat
kawalianana. ***
————————————————
MANQOBAH KA 35 NYARIOSKEUN
SYEKH AHMAD KANJI JADI MURIDNA SAYYID ABDUL QODIR KALAWAN PITUDUH GURUNA
Kacarioskeun hiji waktos Syekh
Ahmad Kanji nuju abdas, aya kereteg dina manahna yen thorekatna Sayyid Abdul
Qodir leuwih dipikaresep tibatan thorekat-thorekat sejena. Kereteg Syekh Ahmad
Kanji kitu teh kauninga ku guruna, Syekh Abi Ishaq Maghribi. Saur guruna:
“Nyaho maneh martabatna Sayyid Abdul Qodir?”. Saur Ahmad Kanji: “Henteu !”.
Saur guruna: “Sayyid Abdul Qodir teh kagungan 12 sifat. Lamun lautan dijieun
mangsina, tatangkalan dijieun kalamna, manusa jeung jin jeung malaikat anu
nuliskeunana, tangtu moal katuliskeun sahiji sifat oge”. Barang Syekh Ahmad
Kanji ngadangu cariosan guruna kitu teh, anjeuna banget mahabbahna ka Sayyid
Abdul Qodir, sareng banget ngarep-ngarepna palay ulah waka pupus upama teu acan
lebet kana thorekatna. Tidinya teras anjeuna angkat ka Baghdad. Barang nembe
dongkap ka hiji gunung di jajahan Ajmir, anjeuna mendak hiji wahangan, teras
abdas. Saparantos abdas teras netepan. Saparantos netepan anjeuna teras kulem.
Dina kulem anjeuna kasumpingan Sayyid Abdul Qodir nyandak makuta beureum sareng
sorban hejo, teras Syekh Ahmad ngadeg ngahurmat ka Sayyid Abdul Qodir. “Kadieu
sing deukeut”, saur Sayyid Abdul Qodir. Teras Syekh Ahmad Kanji nyaketan, teras
makuta beureum sareng sorban hejo teh dianggokeun ka anjeuna. Saur Sayyid Abdul
Qodir: “Heh Ahmad Kanji, ayeuna maneh geus jadi anak murid kaula, jeung maneh
geus jadi tina satengahna Rizalulloh”. Les deui Sayyid Abdul Qodir teh henteu
aya. Barang Syekh Ahmad Kanji gugah, makuta sareng sorban aya dina mastakana,
teras Syekh Ahmad Kanji syukur ka Gusti Allah, sareng teras mulih deui ka
guruna, nyarioskeun lalakona sareng ningalikeun makutana. Saur guruna: “Heh
Ahmad Kanji, ieu makuta jeung sorban kaberkahan pikeun maneh. Pohara maneh
dipikaasihna ku Sayyid Abdul Qodir, jeung ayeuna maneh jadi pangunjulna wali”.
Teras Syekh Abi Ishaq Maghribi ngalap berkah, nganggo makuta sareng sorban tea.
Tidinya dipasihkeun deui ka Syekh Ahmad. ***
————————————————
MANQOBAH KA 36 NYARIOSKEUN
SYEKH AHMAD KANJI NGALA SULUH BARANG BADE DISUHUN SULUHNA NGAPUNG KALUHUREUN
SIRAH SYEKH AHMAD
Syekh Ahmad Kanji teh khidmahna
atanapi padamelanana ngala suluh kangge masak roti faqir-faqir.Barang
saparantos nganggo makuta ti SAQ,saur guruna: “Ahmad Kanji,ayeuna mah maneh
henteu layak,ngewa ngala suluh,sabab sirah maneh geus dimakutaan ku makuta
mulya”. Tidinya Syek Ahmad Kanji maksa nyuhunkeun widi ti guruna,saur guruna:
“Nya ari keukeuh mah,jig bae”. Tidinya teras Syekh Ahmad Kanji angkat ka
gunung,teras ngempelkeun suluh,tidinya teras dibeungkeut.Barang bade
disuhun,suluh teh jung ngapung kana luhureun sirah Syekh Ahmad,cicing di
awang-awang kira-kira sahasta tina sirahna syekh Ahmad. Tidinya teras Syekh
Ahmad mulih ka guruna.Beungkeutan suluh teh ngalayang bae di awang-awang
nuturkeun Syekh Ahmad. Barang sumping ka guruna,nyaeta Syekh Abi Ishaq Maghribi
tea,saur guruna: “Tah Syekh Ahmad,tadi ceuk kaula kumaha,sirah maneh henteu
pantes dipake nyuhun suluh,sabab geus ditetepan makuta jeung sorban anu
mulya,ti waktu ayeuna meugeus entong deui-deui ngala suluh,maneh ku SAQ geus
ditepikeun kana pangkat Rijalulloh”. ***
————————————————
MANQOBAH 37 NYARIOSKEUN HIJI
ISTRI KAGUNGAN PUTRA 7 KUPANGDU’ANA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun dina kitab
Mungtakhob Jawahiril Qola-id: Aya hiji istri ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir
nyuhunkeun du’a palay kagungan putra. Barang ditingali dina Lauhilmahfuzh, eta
istri teh henteu aya tulisanana bakal kagungan putra. Teras Sayyid Abdul Qodir
nyuhunkeun ka Gusti Allah supaya eta istri dipaparin putra 2. Tidinya aya
timbalan: “Kapan kumaneh katingali dina Lauhil Mahfuzh,1 oge henteu aya
tulisanana, ayeuna maneh menta 2”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Muga dipaparin 3,
Gusti”. Tidinya aya deui timbalan: “Kapan 1 oge geus henteu aya, ayeuna maneh
menta 3?”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Nyuhunkeun 4, Gusti”. Aya deui timbalan:
“1 oge henteu aya tulisanana”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Nyuhunkeun 5,Gusti”. Kitu
bae nyuhunkeun naek-naek dugi ka 7. Barang dugi ka 7, aya timbalan deui:
“Cukup, heh Abdul Qodir, ulah leuwih ti 7. Ayeuna diqobulkeun pamenta maneh”.
Teras Sayyid Abdul Qodir nganuhunkeun kana eta paparin, sareng teras nyomot
taneuh, teras dipaparinkeun ka eta istri, teras eta taneuh didamel gagantel
kongkorong, dibungkus ku perak. Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, eta
istri kagungan putra 7. Sadayana pameget sareng mulus dugi ka arageung. Barang
lami-lami eta istri teh robah kapercayaanana. Sanggeumna: “Ieu taneh make
digantelkeun dina beuheung, asa henteu aya gunana. Ayeuna boga anak
eunggeus?!”. Kumargi eta istri ngomong sakitu, eta putrana anu 7 teh maraot
sadayana. Saparantos kitu, teras eta istri ngadeuheus deui ka Sayyid Abdul
Qodir, ceurik sareng tobat. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Jig geura bali. Kumaha
bae paniatan maneh tangtu kapanggih kumaneh”. Teras eta istri mulih. Barang
dongkap ka bumina, putrana anu parantos maraot teh, sadayana hirup deui. ***
————————————————
MANQOBAH 38 NYARIOSKEUN
NYALAMETKEUN HIJI MURIDNA TINA SIKSA MUNGKAR WA NAKIR
Aya hiji jalma kacida bodona kana
agama, tapi kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Barang eta jalma maot, di
kubur disual ku Mungkar wa Nakir. Saur malaikat: “Saha Pangeran maneh? Saha
Nabi maneh? Naon agama maneh?”. Jawabna: “Duka henteu terang, da katerang abdi
mah guru abdi bae, Sayyid Abdul Qodir!”. Kumargi eta jalma ngambat-ngambat ka
Sayyid Abdul Qodir, malaikat Mungkar wa Nakir teh bingung, teras unjukan ka
Gusti Allah. Saurna: “Gusti langkung uninga kana jawaban hiji abdi si anu.
Kumargi eta sadaya-sadaya, kumaha kersa Gusti”. Dawuhan Gusti Allah: “Siksa
sakumaha mistina!”. Barang eta jalma rek disiksa, sumping Sayyid Abdul Qodir
sareng ngadawuh: “Heh Malaikat Mungkar wa Nakir, eta jalma ulah disiksa,
kulantaran eta jalma kana agama euweuh pisan kanyahona. Kanyahona teh ngan ka
kaula. Ayeuna kaula anu bakal mangjawabkeun. Kaula anu nyaho kana pertanyaan
anjeun. Prak rek nanya masalah naon?”. Malaikat Mungkar wa Nakir beuki bingung.
Teras unjukan deui ka Gusti Allah. Saurna: “Gusti langkung uninga kana kaayaan
abdi Gusti anu tea”. Dawuhan Gusti Allah: “Siksa sakumaha perluna!”. Tidinya
malaikat teras nyandak gada. Barang eta jalma rek ditinggang kumalaikat, gadana
direbut ku Sayyid Abdul Qodir, bari ngadawuh kieu: “Nyalingkir, sabab
kamahabbahan dina batin kaula henteu aya keur nyaruakeun. Lamun ieu jalma
keukeuh rek disiksa, tangtu surga jeung naraka diduruk ku kaula”, hartosna di
naraka moal ripuh, di surga moal senang. Tidinya sumping dawuhan: “Heh Mungkar
wa Nakir, Aing geus ngahampura ka eta jalma karana arah-arah kakasih Aing,
Abdul Qodir. Keun eta jalma entong disiksa!”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 39 NYARIOSKEUN
UNGGAL DATANG TAUN ANYAR SOK ULUK SALAM KA ANJEUNA JEUNG SOK NYARITAKEUN
NAON-NAON NU BAKAL KAJADIAN DINA TAUN ETA
Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul
Asror, Sayyid Abdul Qodir hiji waktos ngalayang di awang-awang di luhureun
mangrebu-rebu jalma di majlis anjeuna, bari sasauran kieu: “Henteu bijil mata
poe anging mere salam ka kaula. Jeung unggal datang taun anyar, kudu bae mere
salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang anu bakal kajadian dina eta taun.
Jeung datang bulan, mere salam ka kaula jeung nyaritakeun naon barang nu bakal
kajadian dina eta bulan. Jeung datang minggu jeung poena, mere salam ka kaula
jeung nyaritakeun naon-naon barang anu bakal kajadian dina eta minggu jeung
poe. Demi kamulyaan Pangeran kaula, jalma-jalma anu bagja anu cilaka, kabeh
diasongkeun ka kaula. Jeung jejelmaan panon kaula aya dina Lauhilmahfuzh, jeung
kaula teuleum dina lautan elmuna Allah jeung lautan musyahadah, jeung kaula
hujjahna Allah ka maraneh. Jeung kaula nu jadi gagantì Rosululloh SAW. Jeung
kaula ahli warisna di bumi. Manusa aya guruna, jin aya guruna, malaikat aya
guruna, ari kaula guruna kabeh”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 40 NYARIOSKEUN
ANJEUNA DIPAPARIN BUKU PIKEUN NULISKEUN MURID-MURIDNA DUGI KA YAUMIL KIAMAH
Dicarioskeun dina Kitab Bahjatul
Asror, Sayyid Abdul Qodir ngadawuhkeun kieu: “Kaula dipaparin buku, ari gedena
satungtung paningali, nyaeta pikeun nuliskeun ngaran murid-murid kaula nepi ka
poe kiamah, jeung eta murid dipasrahkeun ka kaula, geus jadi kaboga kaula.
Lamun murid kaula henteu alus, kaula anu alus. Demi kamulyaan Pangeran kaula,
leungeun kaula henteu lesot tina sirah murid kaula, sanajan kaula aya di
masyrik, murid kaula aya di maghrib. Lamun murid kaula katembong oratna, tangtu
ditutupan ku kaula. Demi kamulyaan Pangeran kaula, dina poe kiamah, kaula rek
nangtung dina lawang jahanam, bisi aya murid kaula anu diasupkeun kana jahanam,
karana Gusti Allah maparin ka kaula, yen murid kaula moal diasupkeun kana
jahanam. Saha-saha nu ngaku Guru jeung mahabbah ka kaula, tangtu ditarima ku
kaula, jeung tangtu kaula nyanghareup ka eta jalma. Malaikat Mungkar wa Nakir
geus jangji ka kaula, di kubur moal mere pikareuwaseun ka murid kaula. ***
————————————————
MANQOBAH KA 41 NYARIOSKEUN HIJI
JALMI NGENYOT RAMONA TERAS HENTEU PALAY BARANG TUANG
Dawuhan Syekh Al-Arif Abu
Muhammad Syawir As-Sibti: “Kaula hiji waktu ngajugjug ka Baghdad, ziarah ka
Sayyid Abdul Qodir, sarta terus kaula ngarencangan kenging sawatara zaman.
Barang kaula rek balik ka Mesir, teras unjukan ka guru kaula, Sayyid Abdul
Qodir. Saurna: “Jig, didu’akeun ku kaula, moal manggih naon-naon”, sareng anjeuna
maparinkeun ramona miwarang dikenyot, sareng anjeuna wasiat: “Di jalan ulah rek
jajaluk”. Teras kaula indit ti Baghdad, teu mekel naon-naon. Ti sabarang kaula
indit ti Baghdad, tepi kadatang ka Mesir, kaula henteu ngarasa hayang barang
dahar atawa ngarasa dahaga, tapi kakuatan kaula, kajagjagan kaula henteu kurang
naon-naon”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 42 NYARIOSKEUN
SYEKH SHON’ANI KUMARGI HENTEU TUMUT KANA DAWUHAN SAYYID ABDUL QODIR DUGI KA
MUPUNGGU ANAK BAGONG
Waktos Sayyid Abdul Qodir nampi
dawuhan yen dampal sampeanana nincak kana pundukna wali-wali, teras eta dawuhan
diembarkeun kasadayana, sareng teras sadayana wali-wali anu hadir anu goib pada
nendeun dampal sampean Sayyid Abdul Qodir kana pundukna karana ngahurmat sareng
ngagungkeun, mung aya sahiji wali jenengan Syekh Shon’ani,saurna: “Kaula oge
mahabbah ka Sayyid Abdul Qodir, tapi ari ditincak punduk mah henteu kudu”. Eta
cariosan Syekh Shon’ani kitu teh kauninga ku Sayyid Abdul Qodir. Dawuhan Sayyid
Abdul Qodir: “Dampal suku kaula bakal nincak kana pundukna tukang ngangon
bagong”. Henteu sabaraha lamina ti waktos harita, Syekh Shon’ani angkat ziarah
ka Mekkah, diiring ku 400 santri-santrina. Kalawan kapastian tinu Maha Agung,
barang Syekh Shon’ani ngalangkung ka nagara kafir, di hiji warung anjeuna
ningali hiji istri bangsa nashroni tukang ngajual arak. Eta istri pilih tanding
kageulisanana, jarang pameget anu henteu kagendam ku eta istri. Syekh Shon’ani
oge geus henteu isin ku santri-santrina anu ngiring ka anjeuna, teras babantu
ka eta istri, sareng kalintang suhudna, sagala pagawean dicabak tara kungsi
dipetakeun, sareng pohara senangna sareng gumbirana. Barang hiji dinten eta
istri miwarang ngangon bagong ka Syekh Shon’ani. Anakna anu leutik keneh kudu
dipanggul, bisi katincak ku indungna. Syekh Shon’ani dipiwarang ngangon bagong
teh henteu ngarasa hina, atoh bae dipiwarang kunu geulis. Teras saban-saban
dinten ngagiring-giring bagong, ana mulih manggul anak bagong anu leutik keneh.
Barang santri-santrina ningali kaayaan kitu teh teras naringgalkeun. Anu
ngiring sareng Syekh Shon’ani kantun duaan, nyaeta Syekh Fariduddin sareng
Syekh Mahmud Maghribi. Saur eta dua murid: “Beu,ieu urusan moal bisa beres deui
lamun henteu diomean ti huluwotannana. Ieu teh moal salah deui panyapaan Sayyid
Abdul Qodir”. Saur Syekh Fariduddin: “Ayeuna jisim kuring rek ngadeuheus ka
Sayyid Abdul Qodir, ari anjeun tungguan di dieu Syekh Shon’ani”. Teras Syekh
Fariduddin angkat ka Baghdad. Barang sumping ka Baghdad, teras milari padamelan
di Sayyid Abdul Qodir, nanging henteu aya lowongan. Tidinya teras anjeuna
ngabantu padamelan anu kacida hinana, nyaeta miceunan kokotor ti kakus. Barang
hiji dinten katingali sareng kauninga ku Sayyid Abdul Qodir, Syekh Fariduddin
keur waktos hujan nyuhun hiji tong anu pinuh ku kokotor, atuh nyurucud kana
salirana. Tidinya teras disauran ku Sayyid Abdul Qodir sareng ditaros
jenenganana. Saur Syekh Fariduddin: “Jisim abdi teh Fariduddin, rencangna Syekh
Shon’ani”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Maneh hayang naon, pek geura menta?”. Saur
Syekh Fariduddin: “Tuan langkung uninga kana pakarepan jisim abdi”. Saur Sayyid
Abdul Qodir: “Heug, maneh dipaparin maqom anu luhur jeung dihampura guru
maneh”. Saur Syekh Fariduddin: “Henteu aya maqom anu luhur tibatan dihampura
dosa guru abdi”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Enya, geus dihampura dosa guru
maneh karna arah-arah maneh !”. Dina menit harita Sayyid Abdul Qodir
ngahampura, menit eta keneh Syekh Shon’ani ngorejat, eling tina lalina, teras
istighfar, sareng dina manahna banget cumantel sareng mahabbah ka Sayyid Abdul
Qodir, teras anjeuna angkat ka Baghdad, tobat ka Sayyid Abdul Qodir. Ari eta
istri nashroni teras ngiring ka Syekh Shon’ani lebet agama islam. ***
————————————————
MANQOBAH KA 43 LAUK WAHANGAN
DAJLAH NGADAREUHEUSAN NYARIUMAN KANA DAMPAL SAMPEANANA
Ngandika Syekh Sahal Bin Abdillah
At-Tastari r.a. dina mukasyafahna: “Hiji poe urang nagara Baghdad kaleungitan
Sayyid Abdul Qodir, teras ditareangan. Kapendak keur calik diluhureun cai
wahangan Dajlah, keur digimbung ku lauk mani pagulung-gulung, paboro-boro
nyariuman panangan sareng sampeanana. Saur Syekh Sahal: “Kaula henteu
bosen-bosen ningali pagulung-gulungna lauk anu rupa-rupa tingkahna reujeung
beda-beda kaayaanana, jeung warnana, nepika manjing waktu zhuhur. Tidinya kaula
ningali sajadah hejo disulam ku benang emas jeung perak ditulisan dua jajar. Ka
1: “alå inna auliyå allòhhi là khoufun ‘alaihim wa là hhum yahzanuun”. Ka 2:
“salàmun ‘alaikum ahhlal baiti innahù hamìdum majìdu”. Eta sajadah ngampar di
awang-awang luhureun wahangan Dajlah. Teras Sayyid Abdul Qodir calik dina eta
sajadah. Henteu lami burubul pirang-pirang pameget karasep sareng matak isin
matak ajrih ngiringkeun hiji pameget anu pinunjul tinu sanesna kasepna sareng
hebatna. Sadayana pada ngadeug payuneun sajadah kalawan adab. Tidinya Sayyid
Abdul Qodir netepan berjama’ah, ngimaman kasadayana. Nya kitu deui sadayana
wali Baghdad ngiring netepan. Samangsa-mangsa Sayyid Abdul Qodir maca takbir
ingtiqòl, malaikat anu ngagotong ‘arasy oge takbir. Sayyid Abdul Qodir maca tasbeh,
malaikat anu aya di langit oge ngiring maca tasbeh. Saparantos netepan, teras
anjeuna ngadu’a supaos murid-murid anjeuna istri pameget, maotna dina jero
tobat. Diaminan ku malaikat. Tidinya aya timbalan tinu Agung: “Heh Abdul Qodir,
ayeuna du’a maneh geus diijabah”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 44 NYARIOSKEUN WALI
MARDUD DIDAMEL WALI MAKBUL
Kacarioskeun di zaman Sayyid
Abdul Qodir, aya hiji wali anu dikaluarkeun tina pangkat kawalianana, sareng
jalma-jalma anu ageung anu alit pada terang yen eta wali teh wali anu ditolak
ku Robbul ‘Alamin. Tidinya teras eta wali muntang nyuhunkeun syafa’at ka 360
aulia, supaos anjeuna didamel wali deui. Teras aulia-ulia sadayana nyuhunkeun
syafa’at ka Gusti Alloh supados eta wali anu mardud didamel makbul deui,
nanging henteu aya hiji-hiji acan anu diijabah du’ana. Tidinya teras naringali
ka Lauhil Mahfudz. Barang ditaringali, tetela jenengan eta wali teh parantos
ditulis dihijikeun sareng golongan anu cilaka. Tidinya teras eta wali
dipiwarang nawiskeun kahinaan, teras ngadeuheus ka Sayyid Abdul Qodir. Barang
jol sumping, saur Sayyid Abdul Qodir: “Heh Ki Anu, kadieu maneh sing deukeut.
Maneh ku Gusti Alloh geus dimardud, dikaluarkeun tina kawalian, tapi kaula bisa
ngajadikeun maneh sing jadi makbul, ditampi deui jadi waliyulloh kalawan idzin
ti Gusti Allah”. Tidinya teras Sayyid Abdul Qodir nyuhunkeun supaos eta wali
mardud didamel wali makbul deui. Tidinya aya timbalan tinu Agung: “Heh Abdul
Qodir, naha maneh henteu terang aya 360 aulia anu pada nyuhunkeun syafa’at
pikeun eta wali mardud, tapi henteu aya hiji oge anu diijabah, sabab ngarana
eta jalma geus dituliskeun dina Lauhil Mahfudz jalma cilaka”. Dawuhan Sayyid
Abdul Qodir: “Gusti, kapan Gusti kawasa. Naon pamenganana anu mardud didamel
makbul, anu makbul didamel mardud. Naha atuh letah abdi ku Gusti sina
nyanggupan ngajadikeun makbul upami ku Gusti moal didamel makbul mah?”. Tidinya
aya timbalan: “Heh Abdul Qodir, heug bae kumaha karep maneh. Anu dimakbul
kumaneh, jadi makbul. Anu dimardud kumaneh, ku Aing oge dimardud. Jeung Aing
masrahkeun kamaneh ngajenengkeun atawa ngaluarkeun tina kawalian”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 45 NYARIOSKEUN
NYALAMETKEUN MURIDNA TINA SEUNEU DUNYA AKHERAT
Ngadawuh Syekh Miyan
‘Uzhmatulloh, imamna ulama bangsa ‘arifin: “Di nagara kaula Burhaniun, kaula
boga tatangga bangsa hindu. Kabeungharanana teu wudu. Ari ibadahna kana seuneu.
Tapi eta hindu teh kacida mahabbahna ka Sayyid Abdul Qodir. Geus teu euleum-euleum
ngaku jadi muridna Sayyid Abdul Qodir teh. Saban-saban taun eta hindu teh osok
ngadamel riungan tuang anu peryogi pisan ngondang bangsa ulama-ulama,
menak-menak, somawonten bangsa fakir mah. Tempatna sok di pucuk nganggo
kekembangan sareng minyak anu sareungit. Pangna ngadamel kitu, cenah mahabbah
ka Sayyid Abdul Qodir. Barang eta hindu maot, teras dipulasara ku bangsana
numutkeun sacara agama hindu, teras diduruk. Barang diriksakeun, salirana katut
ka rambut-rambutna oge henteu teurak salambar-lambar acan. Tidinya teras
mufakat kaom-kaomna kudu dipalidkeun, teras dibobontot dipalidkeun. Tidinya aya
hiji wali di eta nagara kasumpingan Sayyid Abdul Qodir. Dawuhanana: “Si Anu
bangsa hindu, eta satengah tina murid kaula. Ku kaula dingaranan Sa’dulloh.
Kusabab kitu, gancang hanjatkeun ti wahangan, tuluy pulasara sakumaha kawajiban
Islam, karna Gusti Allah maparin jangji ka kaula moal ngaduruk murid kaula ku
seuneu dunya jeung ku seuneu akherat”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 46 NYARIOSKEUN IEU WUJUD
WUJUD AKI KAULA LAIN WUJUD ABDUL QODIR
Kacarioskeun putrana Sayyid Abdul
Qodir anu jenengan Abdul Jabbar cacarios ka ramana. Saurna: “Mama, Kangjeng
Rosululloh SAW upami kabeuratan, kahampangan, sok teras kokotorna diseuseup ku
bumi. Sareng cikaringetna seungit minyak kasturi. Sareng laleur tara daekeun
eunteup kana salirana. Tah ieu sadayana waktos ayeuna buktos di mama”. Dawuhan
Sayyid Abdul Qodir: “Satemen-temena Abdul Qodir geus fana, geus tetep dina dzat
eyana SAW. Jadi ieu wujud teh wujud eyang, lain wujud Abdul Qodir qs”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 47 NYARIOSKEUN
SAYYID ABDUL QODIR DICOBA DIGODA SETAN
Hiji waktos anjeuna ditojo ku
cahaya anu pohara, dugi ka ngagebray caang sakuriling bungking. Tina eta cahaya
jol aya rupa anu kacida alusna sarta nyaur ka Sayyid Abdul Qodir: “Heh Abdul
Qodir, ieu kaula Pangeran maneh. Ayeuna kaula kamaneh geus ngawenangkeun migawe
sakabeh paharaman!”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “A’ùdzu billàhi minasy
syaithònir rojìm, mantog siah syetan!”. Reup cahaya jadi poek. Belegedeg rupa
anu alus teh jadi haseup. Jerit syetana ngajerit bari ngomong: “Salamet maneh
Abdul Qodir. Kaula geus nyilakakeun kutipu bangsa bieu 70 kaom anu keur ngambah
ka Pangeran”. Santri-santrina naros: “Kumaha katawisna eta anu nyarios teh syetan?”.
Saurna: “Kami nyaho yen eta syetan tina omonganana, ngawenangkeun migawe
paharaman”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 48 NYARIOSKEUN
SAYYID ABDUL QODIR NYABOK SETAN
Hiji waktos dongkap hiji syetan
ka Sayyid Abdul Qodir, kacida goreng patutna. Pakeanana rudin bararau. Ceuk eta
syetan: “Jisim abdi numawi dumeuheus seja ngakhodaman kasalira, muga kersa
nampi”. Henteu diwalonan naon-naon, gaplok bae dicabok ku Sayyid Abdul Qodir.
Les syetan teh leungit, ilang tampa lebih. Na ari datang deui teh mawa seuneu
ngagugudag rek ngaduruk ka Sayyid Abdul Qodir. Sayyid Abdul Qodir nyandak
pedang. Kakara serepet pedang dicabut, syetan geus kabur. Teu kungsi lila, eta
syetan jol deui datang, ceurik bari ampun moal deui-deui ngagoda, bari
nembongkeun rupa-rupa parabot, rupa-rupa akal tarekah paranti ngagoda manusa.
Saur Sayyid Abdul Qodir: “Nyingkir siah syetan, datang deui datang deui bae.
Aing mah moal beunang kagoda!”. Teras parabot-parabotna syetan ku anjeuna
diruksak, dirampung-rampungkeun. Syetana kabur. ***
————————————————
MANQOBAH KA 49 NYARIOSKEUN RAJA
HADIAH ARTOS JADI GETIH
Dicarioskeun, satemen-temena
Yusuf Abil Muzhoffar, raja Baghdad ngintunkeun artos 10 karung digotong ku 10
jalma. Eta artos ku Sayyid Abdul Qodir henteu ditampi. Tidinya sumping raja ku
anjeun. Saurna: “Kaula hadiah artos 10 karung ulah henteu ditampi”. Tidinya
Sayyid Abdul Qodir nyandak 2 karung, teras dipencet kupananganana. Ari burusut
teh getih ngocor tina karung. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Tuh tingali, karung teh
eusina getih jalma, kenging anjeun meresan ti jalma-jalma, mangkaning kudu
ditarima?”. Raja kalintang isineunana ku Sayyid Abdul Qodir. Pameunteuna reup
beureum ray pias. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Demi kamulyaan Dzat Allah, lamun
nasabna henteu teras ka Rosululloh SAW, tangtu ieu getih teh ngawahangan ngocor
kabumina”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 50 NYARIOSKEUN RAJA
NYUHUNKEUN BUAH APEL DINA LAIN WAKTUNA
iji waktos, raja sumping
kabumina. Saurna: “Cing nyuhunkeun karomah nu sakinten jadi katentreman kana
hate”. Dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Palay naon atuh?”. Saur raja: “Hoyong buah
apel”. Mangkaning harita teh sanes usumna. Tidinya teras panangan Sayyid Abdul
Qodir diangkatkeun ka awang-awang. Ari dikahandapkeun deui, dina pananganana
aya buah apel dua. Anu hiji dibeulah kuanjeuna, anu hiji deui disanggakeun ka
raja. Ari nu dibeulah ku raja dijerona pinuh kubilatung. Saur raja: “Naha ieu
mah pinuh kubilatung?”. Saur Sayyid Abdul Qodir: “Margi eta mah parantos
dicabak ku panangan anu zholim”. Tidinya eta raja teras istighfar tobat
dipayuneun Sayyid Abdul Qodir, sareng teras ngarencangan dugi kapupusna Sayyid
Abdul Qodir. ***
————————————————
MANQOBAH KA 51 NYARIOSKEUN
WASIAT SAYYID ABDUL QODIR
Anjeuna parantos wasiat ka
putrana anu jenengan Abdur Rozàq kalawan pirang-pirang wasiat. Sapalihna
nyaeta: “Heh anak mama,maneh kudu sieun ku Allah. Jeung kudu tho’at ka Allah.
Jeung kudu nyekel kana syara’. Jeung kudu ngaraksa kana bates-batesna syara’.
Jeung kudu alus hate. Jeung kudu barahan tangan. Jeung kudu daek tulung
tinulung kana kahadean. Jeung ulah bedegong. Jeung kudu wayahna kana pilara.
Jeung kudu ngaraksa kana kahormatan guru-guru. Jeung kudu ngahampura kana
kasalahan batur. Jeung kudu nyaah ka fakir-miskin. Jeung kudu alus
reureujeungan jeung batur-batur. Jeung kudu daek nganasehatan kanu gede kanu
leutik. Jeung ulah papaduan anging dina perkara agama. Jeung kudu nyaho ari
hakekatna faqir eta butuh kabangsa maneh, ari hakekatna sugih eta henteu butuh
kabangsa maneh. Jeung kudu nyaho ari tashowwuf eta tingkahna jalma anu henteu
loba omong. Jeung upama nenjo jalma faqir ulah dimimitian kalawan elmu sabab
matak lingas, sabalikna kudu dimimitian ku kanyaah sabab matak lindeuk. Jeung
kudu nyaho maneh satemen-temena tashowwuf eta diadegkeunana kana 8 perkara:
1. Barahan.
2. Ridlo.
3. Shobar.
4. Isyarah.
5. Ngumbara.
6. Make
pakean bangsa bulu.
7. Leuleuweungan.
8. Faqir.
Ari barahan eta dipaparinkeun ka
Nabi Ibròhhìm as, ari ridlo ka Nabi Ishàq as, ari shobar ka Nabi Ayyùb as, ari
isyarah ka Nabi Zakariyyà as, ari ngumbara ka Nabi Yùsuf as, ari make bangsa
bulu ka Nabi Yahyà as, ari leuleuweungan ka Nabi ‘Isà as, ari faqir ka Kangjeng
Nabi Muhammad SAW. Jeung kudu tembongkeun kumaneh kagagahan kabaranian maneh
upama reureujeungan jeung anu beunghar. Jeung kudu rendah upama reureujeungan
jeung faqir. Jeung maneh kudu ikhlas. Jeung kudu langgeng nenjo ka Allah. Jeung
ulah salah sangka ka Allah tina sakabeh sabab. Jeung kudu pasrah ka Allah dina
sakabeh hal sakabeh tingkah. Jeung ulah tatagenan ka hiji jalma lantaran baraya
atawa sobat. Jeung kudu ngakhodaman fuqoro kalawan 3 perkara. Ka 1: Tawadlo.
Ka 2: Alus budi pekerti.
Ka 3: Bersih hate.
Jeung kudu nyaho maneh
satemen-temena anu pangdeukeut-deukeutna ka Allah eta nu pangalusna budi
pekertina. Ari pangutamana amal nyaeta ngaraksa hate tina ngaleret kasalian
Allah. Jeung lamun kumpul jeung fuqoro kudu wasiat kalawan shobar jeung haq.
Jeung cukup kamaneh tina dunya 2 perkara.
Ka 1: Reureujeungan jeung faqir
Ka 2: Ngahormat wali,
Jeung ulah dipake sugih hiji
perkara salian ti Allah. Jeung kudu nyaho upama gagah kasasama eta dlo’if,
tegesna henteu kasebut gagah. Upama gagah kasaluhureun eta kumuluhung. Jeung
kudu nyaho satemen-temena tashowwuf jeung faqir eta duanana perkara
sabener-benerna, lain heureuy, kusabab kitu ulah dicampuran heureuy. Tah sakitu
wasiat mama teh. Muga-muga Gusti Allah maparin taufiq kamaneh jeung kasakabeh
murid-murid. Jeung anu ngadenge wasiat mama ieu sing barisa ngamalkeunana
kalawan ka-Agungan Gustina sakabeh utusan. Amin”. ***
————————————————
MANQOBAH KA 52 NYARIOSKEUN
SHOLAT HAJAT SARENG NYUHUNKEUN TULUNG KA SAYYID ABDUL QODIR
Dicarioskeun tina kitab Bahjatul
Asror, dawuhan Sayyid Abdul Qodir: “Saha-saha anu menta tulung ka kaula dina
kasusahan, mangka dileungitkeun kasusahanana. Jeung saha-saha anu ngagero
nyebut ngaran kaula dina kapayahan, tangtu dibungahkeun. Jeung saha-saha anu
tawasul ka kaula dina ngahasilkeun pangabutuhna, tangtu dihasilkeun maksudna.
Jeung saha-saha anu Sholat Sunnat Hajat 2 rakaat, dina unggal-unggal ba’da
fatihah maca surat Al-Ikhlas 11x, ari geus salam tuluy ngalengkah ka jihat Iroq
11 lengkah jeung sebut ngaran kaula jeung hajatna dina unggal-unggal salengkah,
mangka dihasilkeun maksudna”. Ari pertingkahna sholat hajat: “ushollì sholàta
qodlò-il hàjati taqorruban ilallòhi ta’àlà wang qithò’an ‘an ghoirihhi ilà
jihhatil ka’batisy syarìfati allàhu akbar”. Tuluy maca fatihah, tuluy maca
qulhu, maca sholawat sabelas-sabelas kali, tuluy ruku sujud biasa. Rakaat kadua
cara bieu bae. Sanggeus salam tuluy sujud, maca ieu 11x: “yà syaikhots
tsaqolaini, ya quthbar robbànì, yà ghoutsash shomadànì, ya mahbùbas subhànì, yà
muhyaddìn aà muhammad as sayyid ‘abdul qòdiril jailànì aghitsnì wa amidnì fì
qodlò-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjàti”. Tuluy nangtung. Tuluy ngalengkah
salengkah ka jihat Iroq (ari jihat Iroq teh ti urang mah, ti pulo jawa, tina
qiblat sholat teh ngaler keneh, ampir nyela bumi, ampir antara kulon sareng
kaler), tuluy maca: “yà syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robbànì, ya ghoutsash
shomadànì, ya mahbùbas subhànì abà muhammadìn as sayyid ‘abdul qòdir
al-jailànì”. Kitu bae bacaanana tepi ka 11 lengkah, tuluy dampal sukuna anu
katuhu tumpangkeun kana suku kenca, tuluy maca sholawat 11, fatihah,qulhu,
idzàja anashrulloh sabelas-sabelas kali, tuluy maca: “yà junùdallòhhi wa yà
‘ibàdallòhhi aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlò-i hàjatì hhàdzihhì yà qodliyal
hàjati, amìn, amìn, ya syaikhots tsaqolaini, ya quthbar robànì yà ghoutsash
shomadànì, yà mahbùbas subhànì, yà muhyaddìn abà muhammadin as sayyid ‘abdul
qòdir al jailànì”. Sanggeus kitu tuluy diuk dina pangsholatan kalawan
muroqobah, hadirkeun hate ka Allah sarta maca: “là ilàha illallòh” 108x, tuluy
sujud deui bari maca: “yà rùhal qudùs, wa yà junùdallòhhi wa yà ‘ibàdallòh,
aghìtsùnì wa amiddùnì fì qodlö-i hàjati hhàdzihhì yà qòdliyal hàjat, amìn,
amìn”. Jeung memeh prak sholat, kudu ngukus heula anu seungit, jeung kudu sidkoh
ka sabelas faqir, ku sidqoh naon bae. ***
————————————————
MANQOBAH KA 53 NYARIOSKEUN
PUPUSNA SAYYID ABDUL QODIR
Barang parantaos caket kana
pupusna Sayyid Abdul Qodir, sumping Malaikat ‘izroil dina waktu surup mata poe
nyandak tulisan, addresna: “yashilu hhàdzal maktùbu minal muhibbi ilal
mahbùbi”. Hartosna: “Datangna ieu tulisan tinu mikaasih kanu diasih”. Teras eta
serat ku malaikat disanggakeun ka putrana, Abdul Wahàb. Barang putrana ningali
eta serat, teras nangis. Tidinya teras lebet sareng anjeuna ka Sayyid Abdul
Qodir. Ari pupusna dina malem senen ba’da isya, kaping 10 atanapi 11 Silihmulud
taun 561 Hijriyyah. Barangna bade pupus, nimbalan ka putra-putrana: “Sing
jarauh maraneh ti kaula, sabab kaula zhohirna jeung maraneh, bathina jeung lian
maraneh, jeung legaan ieu tempat, sabab geus hadir lian maraneh, jeung kudu
aradab maraneh”. Sareng dina sadinten sawengi henteu liren-liren ngaos: “wa
‘alaikumus salàm wa rohmatullòhhi wa barokàtuh, ghofarollòhu lìwalakum,
tàballòhhu ‘alayya wa ‘alaikum, bismillàhi ghoiro mawdi’ìna”. Sareng ngaos:
“tùbù wad khulù fìsh-shoffil awwali idzan ajì-u ilaikum”. Sareng ngaos: “rifqon
rifqon wa ‘alaikumus salàmu ajì-u ilaikum”. Sareng ngaos: “qifù atàhul haqqu wa
sakarotul mauti”. Sareng dawuhanana: “Ulah aya nu nanyakeun ka kaula hiji
perkara saba’da kaula bulak-balik dina elmuna Allah”. Sareng ngaos: “ista’angtu
bilà ilàhha illallòhu subhànahhu wa ta’àlà wal hayyil ladzì là yahsyàl ghoutsu
subhàna mang ta’azzaza bilqudroti wa qohhharo ‘ibàdahhù bilmauti là ilàhha illallòhhu
muhammadur rosùlullòh ta’azzaza ta’azzaza Allòhu Allòhu Allòhu”. Sowantena
bedas, teras lalaunan pupus ridlwànullòh ‘alaihh.
————————————————
DU’A MANQOBAH
ilà hadlroti sulthònul auliyå-i wa qudwatil ashfiyà-i quthbir
robànì wal ghoutsush shomadànì sayyidì assayyid ‘abdul qòdir aljailànì
-alfàtihah- allòhhumma sholli wa sallim ‘alà sayyidinà wa habìbìna wa syafi’ìnà
wa maulànà muhammadiw wa ‘alà àlihhì wa ashhàbihhì ajma’ìna. -àmìn- allòhhumma
bi asmà-ikal husnà wa bi-asmà-i nabiyyikal mushthofà wa bi-asma-i waliyyika
‘abdul qòdiril mujtabà thohhhir qulùbanà ming kulli washfiy yubà’idunà ‘ang
musyàhhadatika wa mahabbatika wa amitnà ‘alàs sunnati wal jamà’ati wa syarrih
bihhà shudùronà wa yassir bihhà umùronà wa farij bihhà hhumùmanà waksyif bihhà
ghumù manà waghfir bihhà dzunùbanà waqdli bihhà duyùnanà wa ashlih bihhà
ahwàlanà wa balligh bihhà åmàlanà wa taqobal bihhà taubatanaa waghshil bihhà
haubatanà wangshur bihhà hujjatanà waj ‘alnà bihhà minal muttabi’ìna
lisyarì’ati nabiyyikal muttashifìna bimahabbatihhìl muhtadìna bihhadyihhì wa
sìrotihhì wa taffanà bihhà ‘alà sunnatihhì wa là tahrimnà fadl-la syafà’atihhì
wahsyurnà fì zumrotihhì wa atbà’ihhìl ghurril muhajjalìna wa asy-yà’ihhis
sàbiqìna wa ash-hàbihhil yamìni yå arhamar ròhimìna.
*************







0 comments:
Post a Comment